Pages

Senin, 28 Februari 2011

Dongeng Sunda "Kuda Anu Ngedul"

 
Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dikukut ku jalma beunghar anu ngaranna Abdul. Unggal poé Abdul ka kota ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota.
Ku sabab ngarasa horéam kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana.
Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku Abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh ditalian dina tonggong kuda. Di satengahing jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan. Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa kapuluk saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda téh. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.
Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh béak kabawa palid. Bari jeung ambek Abdul balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana.
Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda. Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna hanjat kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh. Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah modél kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna.

0 comments:

Posting Komentar