Pages

Senin, 28 Februari 2011

Contoh Dongeng Sunda Bagian 2

SASAKALA EMBÉ JANGGOTAN
Jaman baheula mah sasatoan téh hirupna sauyunan, kamamana sok babarengan, malah dina mandi ogé sok babarengan.
Kacaritakeun dina hiji waktu, maranéhna mandi babarengan. Biasana mah marandina téh di Walungan Cisangkuy, da leuwina rada lega. Najan ramé nu marandi, tapi kudu aya nu cicing di darat nalingakeun bisi aya picilakaeun. Nu di darat téh wajib ngabéjaan nu keur di cai.
Lamun keur marandi téh resep ningalikeun bajuna nu disimpen dina batu, mani ngabarak. Baju munding mah ngahunyud diteundeun handapeun waru.
Ari nu kapapancénan pikét harita nyaéta sakadang monyet. Cicingna dina batu gedé, matak awas ka ditu ka dieu. Orokaya, harita monyét téh nundutan, sabab peutingna lila teuing latihan ngadogér, pedah rék aya nu ngondang. Monyét teu awaseun di beulah wétan aya paninggaran. Kanyahoan-kanyahoan sotéh geus deukeut pisan, kitu ogé lain monyét anu nangenan, tapi gajah pédah kabeneran ngarérét ka darat. Atuh saréréa ribut haranjat ka darat bari tup-top kana baju nu ngabarak luhureun batu téa. Teu nolih nu saha-sahana. Pokona asal dibaju wé da éra meureun ari ditataranjang mah. Nya harita kajadianana, baju munding pahili jeung baju sapi, nepi ka sapi mah gobrah bajuna téh. Ari munding sabalikna, mani sereg pisan. Najan kitu ari pangsuéna mah embé. Henteu ari pahili téa mah, tapi lantaran rusuh, makéna tibalik. Kerepus dipaké dina bujur, nu ayeuna jadi buntut. Ari buntut aya dina gado, nu ayeuna jadi janggotna. Nu matak ti harita embé mah teu weléh kukulutus; Suéééé … suééé, cenah. Kadéngéna ku jelama mah; Embééé … embééé…. Cenah. Nya ti harita embé téh jadi janggotan, nu sabenerna buntutna téa. Ku lantaran ngalaman sué téh dina waktu mandi, nya embé téh turun cadu moal mandi-mandi deui. Geuning nepi ka ayeuna ogé, jelema nu langka mandi mah sok disebut kawas embé.
Tah kitu sasakalana matak embe janggotan jeung cadu mandi téh.

Diropea tina Mangle Alit No.318

0 comments:

Posting Komentar